Widget edited by super-bee Blogger Widgets PENGATAHUAN UMUM DAN AGAMA: DONGENG BASA SUNDA

counters

Thursday, 8 January 2015

DONGENG BASA SUNDA

PENGERTIAN DIDIEU DICUTAT TINA SABABARAHA SUMBER.

Naon Anu Dimaksud Dongeng Teh?

Dongeng nyaeta wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal).
Ciri dongeng jaman baheula:
  1. Teu kanyahoan saha pangarangna
  2. sumebarna sacara lisan
  3. Umumna caritana istanasentris (carita jaman karajaan)
  4. Mangrupakeun carita fiksi
Rupi-rupi Dongeng:
  1. Fabel (Dongeng anu nyaritakeun Sasatoan)
  2. Parabel (Dongeng anu nyariytakeun kahirupan anu umumna janten ciri hiji tempat)
  3. Myte ( Dongeng anu nyaritakeun halna mistis/gaib)
  4. Sage (Dongeng anu nyaritakeun carita kapahlawanan)
  5. Sasakala (Dongeng anu nyaritakeun asal muasal tempat, barang, atawa tempat)
DONGENG
  1. Perkara Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Memang aya oge anu kesan pamohalanana teh teu karasa, nyaeta dongeng-dongeng anu nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng-dongeng si kabayan.
Contona nyaeta :
1. Dongeng “Sakadang kuya jeung sakadang monyet”
2. Dongeng “Sasakala tangkuban parahu”
3. Dongeng “Sasakala maung panjalu”
Isi dongeng umumna ngandung atikan moral.
Dogeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumberna sacara lisan, dongeng di dongengkeun deui. Munasababna upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi teh.
  1. Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan nyaeta :
    1. Dongeng Sasakala (Legenda)
Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.
Contona dongeng :
a. Sasakala Situ bagendit
b. Sasakala gunung tangkuban parahu
c. Sasakala talaga warna
d. Sasakala maung panjalu
e. Sasakala uncal tandukan
f. Sasakala pare


    1. Dongeng Babad (Sage)
Anu dimaksud dongeng (sage) teh nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Contona :
a. Dongeng kean santang
b. Dongeng seh abdul muhyi
c. Dongeng prabu siliwangi
d. Dongeng dipati imbana gara
e. Dongeng sunan penana di puntang
    1. Dongeng Sasatoan (fabel)
Dongeng Sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona :
a. Sakadang kuya jeung sakadang monyet
b. Sakadang peucang
    1. Dongeng Jelema Biasa
Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Conto anu paling kamashur dina sastra sunda nyaeta dongeng-dongeng sikabayan.
    1. Dongeng Para Nabi/Wali
    2. Dongeng Pieunteungeun
    3. Dongeng Pamuk

Rupa-Rupa Dongeng dalam Bahasa Sunda


a.       Dongéng sasatoan nyatéta dongéng  anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona dongeng-dongeng sakadang Kuya jeung sakadang         Monyet atawa dongeng-dongeng sakadang Peucang.
b.      Dongeng sasakala (legénda) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit” jeung “Sasakala Talagawarna”.
c.       Dongeng Babad (sagé) nyaéta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Upamana baé “Dongéng Kian Santang” jeung “Dongéng Prabu Siliwangi”.
d.      Dongeng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa. Contona dongéng Si Kabayan.
e.       Carita Para Nabi/ Wali nyaéta carita anu eusina patali jeung kapercayaan  masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal  anu gaib. Yén carita para nabi wali ngan saukur dongéng anu mangrupa carita rekaan. Upamana baé ngenaan Kasaktén jeung wewesén parawali.
f.       Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa  tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng  sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.
g.      Dongéng Pamuk téh nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah.


            Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana baé, jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka. Sangkan éta jlma tinekanan tangtu kudu ngagunakeun akal.

No comments:

Post a Comment